GERENTES HATÉ…


“BERMUTU” SING NGAJADIKEUN AJEGNA  HATÉ
Ku: Baban Etha*)

Kiwari jaman geus nembrak kamajengannana. Utamina dina widang ngatik ngadidik murangkalih. Sok sanajan parantos nyampak ajén dirina, geuning para guru masih kénéh ngaraos ngagaduhan kawajiban nyiar élmu. Ku jalan nuluykeun pendidikan, seminar, diklat, sok komo deui ayeuna mah aya kagiatan anu disebut KKG BERMUTU, MGMP, KKKS, KKPS, di tambih dina widang komputer (ICT) ngeureuyeuh dileukeunan margi kacida pisan peryogina kanggo luang atanapi wawasan para guru.

Ngan hanjakal diantara dulur urang masih aya kénéh nu can ajeg haténa, enggoning dina ngatik ngadidik murangkalih, padahal dina kahirupan ayeuna saleresna parantos aya simbulna.

Sepuh-sepuh urang kapungkur parantos nguningakeun éta simbul téh, ngan urang teu acan tiasa nafakuranana kalayan ngalaksanakeunana. Anu antukna urang sok tisolédat lengkah, labuh ku pangabutuh, lengit aturan ku alatan duit.

Tah ayeuna simbul téh, yu…..!!! urang tafakuran, salah sahiji contona; upami ngawangun bumi, dina susuhunan sok aya lawon bodas sareng lawon beureum, teras dipaku ku paku emas. Lamun dihartikeun éta téh, hiji simbul keur diri urang salaku manusa anu kumelip di alam dunya. Anu leuwih jelasna Paku Emas téh bénten sareng paku anu dijieun tina beusi, tina awi, ogé kayu. Tong boro awi atawa kayu dalah beusi ogé, bakal keuna ku karat atawa taihiangan komo lamun kahujanan, kaanginan lila-lila éta paku téh bakal rapuh, bakal leungit kakuatannana, kaajegannana. Tapi lamun paku Emas sok sanajan leutik bakal kuat, moal keuna kuburuk, bobo atawa regas, moal taihiangan sok sanajan kahujanan kaanginan. Insya Allah Paku Emas bakal tetep weuteuh, bakal kuat, ajeg sabihara-sabihari, sok sanajan lilana puluhan taun.

Lur….!!! Baraya………!!!!!

Mangga urang émutan diri urang, cik kalebet paku anu mana??? Paku beusi, paku awi, paku kayu atawa Paku Emas? Anu hartosna kakuatan sareng ajénna parantos jéntré.

Paku Emas anu aya di susuhunan bumi anu dipapaés ku lawon bodas sareng lawon beureum, lamun diibaratkeun dina raga urang mah nyaéta HATE anu dipapaesan ku kaberesihan kalayan luyu sareng angen-angen urang.

Tah lamun kitu mah, urang kudu ngabogaan pamadegan saperti Paku Emas. Sing ajeg haté, sing kuat haté, ulah gampang kabiruyungan ku hal-hal anu ngabalukarkeun ngarugikeun diri urang sorangan komo deui ngarugikeun batur. Cindekna mah haté kudu ajeg ulah saperti pucuk awi ka anginan, ayeuna beureum isuk bodas, jangji kitu henteu kieu, jeung réa-réa deui alesan anu sejena. Tapi pamadegan modél kitu téh jigana ayeuna mah geus leungit. Tah lamun aya ogé nu kitu téh henteu ajeg pamadeganana, ceuk budak ayeuna mah henteu PD (percaya diri), haté modél kitu yu urang jauhkeun, hayu urang incahan, sabab bakal ngabalukarkeun ka dulur-dulur nu di lembur bakal tagiwur ka baraya anu di kota bakal paraséa. Mangkana urang kedah terang harti sareng tujuan hirup, anu diwangun ku aksara H – I – R – U – P . Anu ngandung harti :

H – Hate urang kudu beresih.
I –  Iman urang sing ajeg, teguh jeung kuat.
R – Runtut raut jeung sasama.
U – Usaha dina jalan anu dipiridho ku Allah SWT.
P – Pasrah kana naon-naon anu geus di tangtukeun ku Gusti  Allah.

Pentingna mah urang ulah mengpar tina aturan anu geus ditangtukeun ku Agama, Bangsa, jeung Nagara.

Ku kituna, mangga ayeuna urang silih tembrakeun pangabisa, pagempungan dina pangaweruh, silih saliksik pangarti, sangkan ieu BERMUTU teh aya tapakna, katingali cirina, ngolebat baé babasanana. Mangga geura AJEGKEUN HATÉ Ulah …………….. utamina dina widang ngatik ngadidik murangkalih. Rupina rahayat sakabéh bakal ngoréjat haténa, saupami parantos paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay panangan. Antara si leutik jeung si gedé, si bodo jeung si pinter, (bawahan sareng atasan), sing sareundeuk saigel sabobot sapihanéan. Ulah nepi ka aturan teh luntur ku ………….. (mangga éta mah émutan sareng tafakuran ku sadayana). (*Ketua FKKG II Sumedang)

Tentang FORUM KKG II SUMEDANG

Hidup di dunia hanya sekali, maka hiasilah dengan hal-hal yang berarti!
Pos ini dipublikasikan di Pendidikan. Tandai permalink.

Tinggalkan komentar